Ulén

Ulén téh nyaéta kadaharan has urang Sunda anu dijieun tina béas ketan bodas nu meunang nutuan.[1] Ieu kadaharan téh ilahar dijieun di pilemburan minangka lalawuh keur maturan cikopi dina usum hujan. Ngolah Ulén bisa ku cara digoréng atawa dibeuleum.[1] Lamun digoréng biasana saméméh diasupkeun kana minyak panas dibaluran heula ku tipung tarigu. Lamun dibeuleum mah biasana sok papasangan jeung sambel oncom.[1] Malah teu jarang ulén téh sok dijadikeun kadaharan gaganti sangu.

Beuleum ulén

Vitamin

Ulén ampir sarua jeung séréal nu lolobana ngandung pati (kira-kiraa 80-85%).[2] Lian ti éta, ulén ogé miboga protéin, vitamin, mineral, jeung cai nu dibutuhkeun ku awak manusa. [2]Béas ketan nu legit jeung ngenyod lamun ditutuan atawa dilembutkeun ku halu téh miboga loba kandungan gizi, sanajan hésé dicerna ku sistem metabolismeu awak.[2]

Mangpaat

Ulén téh bisa dijadikeun obat batuk, ngaleungitkeun uap nu ngumpul dina bayah, nambahan produksi spérma, ngabentuk sél getih, ngaronjatkeun imunitas (daya tahan awak tina rupaning panyakit).[2] Mangpaat anu disebutkeun téh mangrupa balukar tina ketan nu jadi bahan dasar nyieun ulén nu ngabogaan kadar zat besi nepi ka 15,52 ppm.[2] Ngan hanjakal lamun didaharna kokomoan bakal murilit beuteung (sembelit).[2] Biasana ubarna langsung ngadahar buah dalima pait lamun beuteung geus karasa murilit.[2]

Rujukan

  1. "Proses Pembuatan Ulen Bersama Bu Tatang | Desa Sukasari". kknm.unpad.ac.id (dalam en-US). Diakses tanggal 2017-10-16. Archived 2017-10-14 di Wayback Machine
  2. "Ulen, Makanan Pengganti Nasi yang Kaya Manfaat – Suaka Online" (dalam bahasa id-ID). http://suakaonline.com/730/2014/02/24/ulen-makanan-pengganti-nasi-yang-kaya-manfaat/. Diakses pada 2017-10-16 Archived 2017-03-12 di Wayback Machine
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan.


This article is issued from Wikipedia. The text is licensed under Creative Commons - Attribution - Sharealike. Additional terms may apply for the media files.