Tulak
Tulak nyaéta jenis konci mékanis nu ngagabungkeun dua (atawa leuwih) obyék nu satuluyna bisa dipisahkeun kalawan merenah. Biasana mah tulak sok maké pakakas séjén dina alas tempat lianna, bisa mangrupa kakait, cacantél, atawa panahan. Tulak nu tradisional masih ngagunakeun kai, aya nu dipalangkeun ti sisi panto ka sisi panto lianna atawa tulak kayu leutik nu diséngkédan diasupkeun kana panahan nu dipasang dina kusén panto.[1]
Dicutat tina
- Rigg, Jonathan (1862). Rigg. Universitas Harvard: Lange. p. 509. Disungsi12 Pébruari 2022
This article is issued from Wikipedia. The text is licensed under Creative Commons - Attribution - Sharealike. Additional terms may apply for the media files.