Suluk
Suluk nyaéta istilah anu mindeng digunakeun dina babaran ngeunaan pagelaran wayang; yén kakawén anu biasa dihaleuangkeun ku dalang mangrupa purwaka téh saéstuna ngandung ma'na suluk,siloka, atawa perlambang.[1] Ku kituna, istilah suluk téh dikeunakeun kana wacana puisi anu eusina ngandung siloka; luhur anjénna sabada disurahan atawa dima'naan.[1]
Rujukan
- Iskandarwassid (2015). Kamus Istilah Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten. ISBN 978-602-7785-78-6.
This article is issued from Wikipedia. The text is licensed under Creative Commons - Attribution - Sharealike. Additional terms may apply for the media files.