Soto Sadang

Soto Sadang nyaéta salah sahiji kadaharan has ti wewengkon Purwakarta, Jawa Kulon.[1] Bukur Soto Sadang téh teu béda jauh jeung Soto Bandung nu ngabédakeunna téh palengkepna, Soto Bandung mah maké lobak sadengkeun Soto Sadang mah henteu.[1] Ngaran Soto Sadang asalna ti ngaran salah sahiji wewengkon nu aya di Purwakarta, nyaéta Sadang.[2] Kadaharan ieu geus lumrah di Purwakarta, kiwari mah geus sumebar ogé ka sababraha wewengkon di Jawa Kulon.[2] Biasana Soto Sadang dijual diwarung-warung sisi jalan di wewengkon Sadang, Purwakarta.[1]

Cara nyieun

Pikeun nyieun Soto Sadang, aya sawatara bahan nu kudu disiapkeun, kayaning daging sapi nu mengkel, bawang bodas, bawang beureum, pedes, gula bodas, daun salam, jeung tomat.[2] Mimiti mah golakeun cai jeung daging sapi sarta daun salam dina langseng, nepi ka daging hipu jeung ngaluarkeun kaldu.[2] Geus kitu keureutan pasagi leutik kawas dadu, abuskeun deu ka cai kaldu nu tadi, sabari golakeun diseuneu leutik.[2] Tuluy tambahkeun samara nu tadi, kayaning bawang bodas, bawang beureum, pedes, gula bodas sarta tomat.[2] Soto Sadang siap dipidangkeun.[2]

 Tinggali ogé

Rujukan

  1. "Soto Asli Sadang, Dingin di Luar, Hangat di Dalam | kotapurwakarta.com". kotapurwakarta.com (dalam en-US). Diakses tanggal 2017-11-14. Archived 2017-10-12 di Wayback Machine
  2. "Resep Soto Sadang Purwakarta Asli Enak | resepdanmakanan.com". resepdanmakanan.com (dalam en-US). Diakses tanggal 2017-11-14. Archived 2017-07-17 di Wayback Machine
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan.


This article is issued from Wikipedia. The text is licensed under Creative Commons - Attribution - Sharealike. Additional terms may apply for the media files.