Soto Lamongan
Soto Lamongan nyaéta kadaharan wujudna soto anu mibanda ciri mandiri ti daérah Lamongan.[1] Eusi jeung bahan dasarna méh sarua jeung soto Kudus atawa soto séjéna, taya lian daging hayam, bihun, engkol jeung bungbu-bungbu.[2] [3] Aya ogé nu ngabédakeun soto Lamongan jeung soto séjéna, taya lian ti bungbu anu dipaké kayaning bawang beureum, bawang bodas, muncang, pedes, uyah, jahé jeung sajabana.[2][4]
![](../I/Soto_Ceker_1.jpg.webp)
Soto Lamongan ditambahan cékér hayam
Bahan kuah
Bungbu nu diréndos
- Bawang beureum 15 siki
- Bawang bodas 6 siki
- Muncang 5 siki
- Pedes 2 séndok
- Uyah 3 séndok
Cara nyieun
- Kulub heula hayam, jahé, jeung séréh nepika hipu, jait tuluy tuhurkueun, goréng deui hayamna tuluy pipitan (suir-suir) dagingna
- Goréng bungbu beunang ngaréndos nepi ka seungit
- Abruskeun bungbu beunang ngagoréng kana cai panguluban hayam, kocékeun nepika rata bari digolakeun
- Sayagikeun dina mangkok endog beunang neukteukan, kulub kentang, togé, jeung daging hayam beunang mipitan, tinyuh maké cai kuah anu masih kénéh panas
- Soto geus siap atawa sayagi, siksikan engkolna wadahan kana mangkok tuluy tinyuh ku kuah soto.[4][1]
Tinggali ogé
Dicutat tina
- A., Yuyun (2008). Panduan Wirausaha Soto Nusantara. Jakarta: Agro Media. pp. 18–20. ISBN 9789790061873.
- "Soto khas jepara". Masakandapurku. 2016-01-01. Diakses tanggal 2017-10-14.
- "Resep Cara Membuat Soto Jepara Khas Jawa Tengah Yang Enak". Masakandapurku. 2017-01-01. Diakses tanggal 2017-11-04. Archived 2016-09-15 di Wayback Machine
- Dewi Asih, Arum, (2015). Koleksi Resep Soto & Sup Nusantara. Jakarta: Kawan Pustaka. ISBN 9789797575878.
![]() |
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
This article is issued from Wikipedia. The text is licensed under Creative Commons - Attribution - Sharealike. Additional terms may apply for the media files.