Soto Bandung

Soto Bandung nyaéta salah sahiji kadaharan soto has ti daérah Bandung, Jawa Kulon.[1] Di Bandung kadaharan ieu pada mikaresep ku sabab rasana nu seger jeung gurih.[1] Soto Bandung ampir sarua jeung soto séjénna di Indonésia, nu ngabédakeunna dina bahan palengkep nu dipakéna.[1] Kaunikan Soto Bandung téh aya di bahan palengkepna, nyaéta lobak jeung kacang kadélé nu geus digoréng.[1] Salian ti kuahna nu seger, dagingna ogé hipu ditambahan ku ni'matna goréng kacang kadélé.[1] Kuah soto bandung téh hérang, ku sabab teu maké cipati, ku sabab éta cai kaldu dagingna karasa pisan gurihna téh.[1][2]

Soto Bandung


Soto Bandung biasana dijualna téh disisi jalan, saperti dikaki lima, kiwari mah loba dijual di Réstoran jeung Mall.[1] Teu hésé néanganna kadaharan ieu mah ku sabab geus jadi kadaharan nu ilahar di Bandung.[1] Soto Bandung téh kiwari ma geus sumebar ka sakuliah Jawa Kulon hususna, kitu deui disababraha daérah séjénna kayaning Jakarta, Banten, jsb.[1]

Cara nyieunna

Bahan dasar soto bandung téh daging sapi jeung jeroan.[1][3] Bungbu nu dipakéna kayaning jahé, séréh, laja, uyah, gula sarta bungbu nu dilemeskeunna saperti bawang beureum, bawang bodas, jeung pedes.[1][3] Cara nyieunna, daging sapi digolakkeun nepi ka asak.[3] Tuluy dagingna dikeureutan leutik-leutik masagi kawas dadu.[3] Cai kaldu daging urut ngulubkeun dagingna tuluy disaring, jeung dihaneutkeun deui nepi ka ngagolak.[3] Pikeun nyieun kuahna, sanggraikeun heula bungbu nu meunang ngalemeskeun, tuluy asupkeun jahé, laja, séréh nepi ka seungitna kaluar.[3] Tuluy campurkeun ka cai kaldu nu meunang ngagolakkeun tadi, asupkeun daging, masak nepi ka dagingna hipu.[3] Geus kitu mah kari asupkeun uyah jeung gula.[3]

Dipidangkeunna Soto Bandung téh dina mangkok, tuluy ditambahan ku lobak nu geus dikulub, dikeureutan ipis-ipis, salédri, bawang daun, goréng kacang kadélé.[1] Saacan didahar, tambahkeun peresan jeruk mipis supaya kuahna beuki seger.[1] Mun hayang amis lada mah kari tambahan sambel jeung kécap.[1]

Tinggali ogé

Rujukan

  1. "Soto Bandung Kuliner Tradisional Bandung Jawa Barat". www.negerikuindonesia.com. Diakses tanggal 2017-10-16. Archived 2017-06-26 di Wayback Machine
  2. Tim, Dapur Demedia; Lianti Y (2007). Aneka Masakan Sunda. Jakarta: DeMedia. p. 6. ISBN 9789791471015.
  3. Disparbud Jabar. Soto Bandung Archived 2017-07-04 di Wayback Machine Diaksés ping 16 Oktober 2017.
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan.


This article is issued from Wikipedia. The text is licensed under Creative Commons - Attribution - Sharealike. Additional terms may apply for the media files.