Soto

Soto nyaéta kadaharan has Indonesia anu dijieun tina cai kaldu (kuah) daging jeung sayur.[1] Bahan daging anu ilahar dipaké pikeun nyieun soto taya lian ti daging hayam jeung daging sapi, aya ogé anu ngamangpaatkeu daging embé malahan daging babi.[1] Di nagara urang anu kacida loba rupa budayana, mangaruhan ogé kana loba rupa dina sagala widang hususna dahareun.[2] Kitu deui soto, unggal daérah mibanda ngaran soto anu béda boh dina cara nyieun anapon rasana.[2]

Soto

Ngaran olahan soto ilaharna ngalarapkeun ngaran daérah asalna, saperti soto Madura, soto Kediri, soto Pemalang , soto Lamongan, soto Jepara, soto Semarang, soto Kudus, soto Betawi, soto Padang, soto Bandung, soto Sokaraja, soto Banjar, soto Medan, coto Makassar, Soto Bandung, jeung réa-réa deui. Soto ogé dingaranan luyu jeung eusi atawa bahan dasar anu dijieuna, upamana soto ayam, soto babat, jeung soto kambing.[2] Aya ogé soto anu dijieun tina suku sapi, disebutna Soto sengkel.[2] Rupa-rupa ogé cara jeung katangtuan dina ngadaharna, aya soto anu didahar jeung sangu, lontong, kupat, emih atawa bihun.[2] Kitu deui jeung pamanis rasana, aya nu maké kurupuk, perkedél, emping, sambel, endog, jeruk limo, jeung koya.

Tutumbu kaluar

Tinggali ogé

Dicutat tina

  1. "Soto Bandung Kuliner Tradisional Bandung Jawa Barat". www.negerikuindonesia.com. Diakses tanggal 2017-10-16. Archived 2017-06-26 di Wayback Machine
  2. "Soto khas jepara". Masakandapurku. 2016-01-01. Diakses tanggal 2017-10-14.
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan.


This article is issued from Wikipedia. The text is licensed under Creative Commons - Attribution - Sharealike. Additional terms may apply for the media files.