Sapindales

Sapindales nyaéta ordo tutuwuhan nu aya dina kelompok utama Angiospermae (tutuwuhan kembangan).[1][2] Ordo ieu aya dina subkelas Rosidae nu mangrupa anggota tina kelas Magnoliopsida (dikotil atawa tutuwuhan siki beulah).[3] Ordo sapindales diwangun ku 15 kulawarga jeung 6.200 spésiés tutuwuhan kembangan nu miboga kai, kaasup bursera, médé, jeruk, kemenyan, manggah jsb.[4] Kulawarga panggedéna nyaéta Rutaceae (antara 1500 spésiés), Sapindaceae (antara 1.500 spésiés), Meliaceae ( 550 spésiés), Anacardiaceae (antara 600 spesies), dan Burseraceae (antara 600 spesies).[3] Kulawarga Sapindacéae mangrupa anggota inti tina ieu ordo nu miboga antara 140-150 genus.[4] Loba spésiés tina Sapindacéae miboga getah susu nu ngahasilkeun saponin racun.[4] Ordo Sapindales kaasup tutuwuhan buah anu penting dina dunya pertanian (medé, jeruk, léci, manggah).[4] Nu laina ngahasilkeun résin (menyan, mur) atawa racun mis saponin (chesnut horse, soapberries).[4] Loba spésiés tina ieu ordo kapanggih di daérah iklim sedeng jeung tropis.[5]

Sapindales
(Sapindales)
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Sapindales

Babagian

Aracea (Kulawarga mépel)

Kulawarga ieu diwangun ku antara 200 spésiés tatangkalan jeung semak.[5] Daun kulawarga ieu biasana wangun ramo.[5] Kembangna biasana kur miboga hiji kelamin.[5] Sababaraha tutuwuhan tina ieu kulawarga miboga getah amis nu dipaké pikeun nyieun sirop.[5]

Anacarciaceae

Diwangun ku antara 650 spésiés.[5] Tutuwuhan nu kaasup kulawarga ieu nyaéta manggah, médé, pistachio sarta oak racun, poison sumac jeung poison ivy.[5]

Burseraceae (Kulawarga kemenyan)

Dipikawanoh miboga kai nu lemes nu sok dipaké pikeun nyieun kai lapis.[5] Sok dopaké ogé pikeun nyieun pamates jalan atawa panahan angin.[5]

Sapindaceae

Aya leuwih ti 1.500 spésiés tatangkalan, tutuwuhan ngarambat jeung semak dina ieu kulawarga.[5] Kembangna miboga opat nepi ka lima kolopak.[5] Lolobana tutuwuhan tina ieu kulawarga tumuwuh di daérah tropis jeung subtropis.[5]

Rutaceae (Kulawarga sitrus)

Aya leuwih ti 1.500 jenis tangkal, hérba jeung semak dina kulawarga citrus.[5] Tutuwuhan tina spésiés biasana kapanggih di daérah iklim sedeng jeung tropis.[5] Kembang miboga opat nepi ka lima kolopak jeung miboga boh putik jeung benang sari tina kembang nu sarua.[5]

Meliaceae (Kulawarga mahoni)

Kulawarga ieu dipikawanoh miboga kai nu alus nu sok dipaké pikeun furnitur.[5] Aya antara 575 spésiés.[5] Tutuwuhan nu kaasup kana ieu kulawarga nyaéta mahoni, tangkal beri cina.[5]

Hipocastanaceae

Aya antara 25 spésiés dina ieu kulawarga.[5] Kabéh ti éta mangrupa tangkal jeung semak nu tumuwuh di beulahan bumi kalér.[5] Tangkal tina ieu kulawarga disebut Buckeyes di Amérika kaler.[5] Di eurasia, disebut chesnut-horse.[5] Ngaran buckeyes dibikeun kana ieu tangkal sabab binihna nu kawas panon uncal jalu atawa duit.[5] Ohio dipikawanoh salaku nagara Buckeye sabab kabéh tangkal buckeye tumuwuh umum di dinya.[5]

Referensi

  1. (en)Sapindales Archived 2017-09-12 di Wayback Machine (diakses 9 Maret 2016)
  2. Sapindales Classification (diakses 9 Maret 2016)
  3. (en)Sapindales (diakses 11 Maret 2016)
  4. (en)Succulent plant (diakses 11 Maret 2016)
  5. (en)Nature works (diakses 11 Maret 2016)
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan.


This article is issued from Wikipedia. The text is licensed under Creative Commons - Attribution - Sharealike. Additional terms may apply for the media files.