OSIS

OSIS wancahan tina Organisasi Siswa Intra Sekolah nyaéta hiji-hijina wadah kagiatan parasiswa di sakola anu babarengan jeung jalur apingan nu lianna pikeun ngarojong kahontalna tujuan apingan kasiswaan.[1] Ku sabab kitu OSIS salaku wadah/ wahana, teu weléh kudu babarengan jeung jalur séjénna nyaéta latihan kapamingpinan, ékstrakurikulér, jeung wawasan wiyatamandala.[1]

Ciri OSIS

Salaku sistem, OSIS dicirian ku sawatara ciri:

  • Oriéntasina kana tujuan;[1]
  • Mibanda susunan kahirupan kelompok;[1]
  • Mibanda sajumlahing peranan;[1]
  • Dikoordinasi;[1]
  • Tuluy-tinuluy dina waktu anu tangtu.[1]

Mangpaat OSIS

  • Ngaronjatkeun ajén-ajén katakwaan ka Gusti nu Maha Tunggal;[1]
  • Ngaronjatkeun kasadaran salaku hiji bangsa, hiji nagara, tur cinta ka lemah cai;[1]
  • Ngaronjatkeun kapribadian jeung budi pekerti luhur;[1]
  • Ngaronjatkeun kamampuh ngokolakeun organisasi, atikan pulitik, jeung kapamingpinan;[1]
  • Ngaronjatkeun kaparigelan, kamandirian, jeung rasa percaya diri;[1]
  • Ngaronjatkeun kaséhatan jasmani jeung rohani;[1]
  • Ngahargaan jeung ngajiwaan ajén-ajén seni, ngaronjatkeun jeung ngamekarkeun kréasi seni.[1]

Kagiatan OSIS

Kagiatan-kagiatan OSIS dikolom-kolomkeun kana 8 (dalapan) widang nyaéta:[2]

  1. Apingan katakwaan ka Gusti nu Maha Tunggal;[2]
  2. Apingan kahirupan bangsa jeung nagara;[2]
  3. Apingan lalanyahan béla nagara;[2]
  4. Apingan kapribadian jeung budi pekerti luhur;[2]
  5. Atikan pulitik jeung kapamingpinan;[2]
  6. Kaparigelan jeung kawiraswastaan;[2]
  7. Kaséhatan jasmani jeung daya kréasi siswa;[2]
  8. Persépsi, aprésiasi, jeung kréasi seni.[2]

Référénsi

  1. http://www.cinus.sch.id/index.php/kesiswaan/osis Archived 2010-06-10 di Wayback Machine, diaksés 15 Nopémber 2011
  2. http://www.smpn18-smg.sch.id/index.php?option=com_wrapper&view=wrapper&Itemid=61 Archived 2011-08-26 di Wayback Machine, diaksés 16 Nopember 2011
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan.


This article is issued from Wikipedia. The text is licensed under Creative Commons - Attribution - Sharealike. Additional terms may apply for the media files.