Kota Surabaya
Kota Surabaya, nyaéta ibukota Propinsi Jawa Wétan sakaligus jadi kota kadua panggedéna di Indonesia. Surabaya tepung wates jeung Selat Madura di lebah kaler jeung wetan, di kidul tepung wates jeung Kabupaten Sidoarjo, di kulon tepung wates jeung Kabupaten Gresik. Kota ieu gaduh hiji bandara nyaéta Bandara Internasional Juanda jeung gaduh ogé dua palabuhan nyaéta Palabuhan Tanjung Pérak sarta Palabuhan Ujung. Surabaya disebut ogé Kota Pahlawan kusabab Arék-arek Suroboyo (Barudak Surabaya) boga peran penting dina sejarah mertahankeun kemerdekaan Indonesia. Mangsa Indonesia dijajah ku Walanda, Surabaya kungsi jadi kota penggedéna di Hindia Belanda ogé jadi pusat niaga di Nusantara anu disajajarkeun jeung Hong Kong sarta Shanghai.
Motto | |
Propinsi | Jawa Wétan |
Ibukota | {{{ibukota}}} |
Lega Wilayah | 333.063 km2 |
Kordinat | 7°15′55″S 112°44′33″E |
Pangeusi · Jumlah · Kapadetan | 2.892.200 jiwa (2017) 8.463 jiwa/km² |
Administratif · Kacamatan · Désa/kal | 31 163 |
Dasar hukum | UU No. 12/1950 |
Tanggal | |
Wali kota | Eri Cahyadi, ST, MT. |
{{{kapala daerah1}}} | {{{nami kapala daerah1}}} |
Kode aréa | 031 |
DAU | |
Ramatloka: www.surabaya.go.id |
Sajarah
Étimologi
Kecap Surabaya (bahasa Jawa Kuno: Śūrabhaya) sering dihartikeun sacara filosofis minangka parjuangan antara darat jeung laut. Salian ti éta, kecap Surabaya ogé dicandak tina sasakala kota Surabaya anu nyaritakeun pertarungan antara lauk sura/suro (kiwari, lauk sura/suro dianggap sarua jeung lauk hiu) jeung baya/boyo (buaya).
Kawitna Kota Surabaya
Buktos sajarah nunjukkeun yen Surabaya tos aya jauh saacan jaman kolonial, sakumaha anu katuliskeun dina prasasti Trowulan I, taun 1358 Masehi. Dina prasasti éta disebutkeun yen Surabaya (Churabhaya) masih kénéh desa di sisieun walungan Brantas. Desa ieu ogé jadi salah sahiji tempat penyeberangan anu penting di sepanjang daerah aliran walungan Brantas. Surabaya ogé dicatet dina pujasastra Kakawin Nagarakretagama nu ditulis ku Empu Prapanca. Eusina nyaritakeun lalampahan Raja Hayam Wuruk tahun 1365 Masehi dina pupuh XVII (pada kalima, baris terakhir).
Sanajan buktos tinulis anu pang kolotna nyatetkeun yen Surabaya tos aya tahun 1358 M (Prasasti Trowulan) jeung 1365 M (Nagarakretagama), para ahli sajarah ngaduga yen wilayah Surabaya tos aya samemeh taun-taun kasebut. Budayawan Surabaya kebangsaan Jerman, Von Faber, nyebutkeun yen Surabaya didirikeun taun 1275 M ku Raja Kertanegara minangka pamatuhan anyar keur para prajuritna anu berhasil ngelehkeun pambarontak Kemuruhan taun 1270 M. Pendapat sejenna nyebutkeun yen Surabaya baheulana téh hiji daérah anu dingaranan Ujung Galuh.
Versi sanesna nyebutkeun yen Surabaya asalna tina carita minangka gelutna Adipati Jayengrono jeung Sawunggaling. Cenah, saparantos ngelehkeun pasukan Kekaisaran Mongol utusan Kubilai Khan atawa anu kasohor ku pasukan Tartar nu dipimpin ku anjeuna, Raden Wijaya ngadegkeun keraton di daerah Ujung Galuh tuluy nempatkeun Adipati Jayengrono jadi pamingpin daerah eta. Lila-kalilaan kusabab ngagaduhan elmu buaya, Jayengrono jadi mingkin kuat tur mandiri dugi ka ngancam kadaulatan Kerajaan Majapahit. Jang naklukeun Jayengrono, Sawunggaling anu ngagaduhan elmu sura diutus keur nyinghareupan anjeunna. Kajadian adu kasaktian ieu aya di sisieun Kali Mas, di wilayah Penéléh. Gegelutan ieu lumangsung salami tujuh dinten tujuh wengi, tapi akhirna tragis margi dua pendékar ieu pupus kusabab séépeun tanaga.
Nami Śūrabhaya akhirna dikukuhkeun salaku nami resmi dina abad ka-14 ku panguasa Ujung Galuh, Arya Lembu Sora.
Geografi
Surabaya sacara geografis aya dina koordinat 07˚09`00“ – 07˚21`00“ Lintang Kidul jeung 112˚36`- 112˚54` Bujur Wetan. Lega wilayahna ngawengku daratan anu legana 350,54 km² jeung lautan anu legana 190,39 km²[1].
Geologi
Kondisi geologi Surabaya ngawengku Daratan Alluvium; Formasi Kabuh; Pucangan; Lidah; Madura; dan Sonde. Wilayah perairan Surabaya teu kaasup dina jalur sésar aktif atawa mayunan samudera, matak kota ieu rélatif aman tina bencana alam, boh gempa bumi boh taneuh amblesan. Jadi pambangunan infrastruktur teu merlukeun rékayasa géotéknik anu nyéépkeun biaya gedé.
Topografi
Sisi | Wates |
---|---|
Kalér | Selat Madura |
Kidul | Kabupatén Sidoarjo |
Wetan | Selat Madura |
Kulon | Kabupatén Gresik |
Surabaya pernahna di sisi pantai kaler propinsi Jawa Wétan. Wilayahna tepung wates jeung Selat Madura di kaler jeung wétan, Kabupatén Sidoarjo di kidul, sarta Kabupatén Gresik di kulon. Hampir sakabéh wilayah Surabaya kaasup dataran rendah nyaéta 80,72%, ketinggianna antara -0,5 – 5m SHVP atawa 3 – 8 m di luhur permukaan laut. Sésana nyaéta daérah pasir anu letakna di wilayah Surabaya Kulon (12,77%) jeung Surabaya Kidul (6,52%). Di Surabaya Kidul aya 2 pasir anu henteu nangtawing, nyaéta di daérah Lidah jeung Gayungan anu ketinggianna antara 25-50 m di luhur permukaan laut. Lamun di wilayah Surabaya Kulon, kontur pasirna bergelombang. Struktur lemah di Surabaya kasusun tina lemah aluvial, hasil endapan walungan jeung pantai, sarta di bagian kulon aya pasir anu ngandung kapur. Di kota ieu ogé aya muhara Kali Mas, nyaéta salah sahiji cabang walungan Brantas. Kali Mas téh hiji tina tilu walungan utama anu ngabeulah sabagian wilayah Surabaya. Walungan séjéna nyaéta Kali Surabaya jeung Kali Wonokromo. Aréa sawah jeung tegalan aya di wilayah kulon jeung kidul kota, ari aréa tambak aya di wilayah basisir kalér jeung wétan.
Iklim
Surabaya gaduh iklim tropis sakumaha umumna kota gedé di Indonésia di mana ngan aya dua usum dina sataun nyaéta usum hujan jeung usum halodo. Curah hujan di Surabaya rata-rata 165,3 mm. Curah hujan pang tinggina di luhur 200 mm terjaadi dina bulan Januari dugi ka Maret jeung November dugi ka Désémber. Suhu udara rata-ratana nyaéta antara 23,6° C dugi ka 33,8° C.
Pamaréntahan
Dumasar hukum kota Surabaya nyaéta Undang-Undang Républik Indonesia Nomor 12 Tahun 1950, ngeunaan Pamaréntahan Daérah Kabupatén/Kota di Jawa Wétan. Wilayah kota Surabaya kabagi jadi 31 kecamatan jeung 163 kelurahan. Kiwari, Surabaya dipingpin ku wali kota Dr.(H.C.) Ir. Tri Rismaharini, M.T anu ngajabat pertama kali tanggal 28 Séptémber 2010 dugi ka 28 September 2015. Anjeunna meunang deui pemilu minangka wali kota Surabaya période 2016-2020 sarta neruskeun jabatanna saprak dilantik tanggal 17 Februari 2016.
Kecamatan
Kota Surabaya kabagi jadi 31 kecamatan jeung 163 kelurahan anu kasebar di 5 wilayah[2]:
Surabaya Pusat
|
Surabaya Utara
|
Surabaya Selatan
|
Surabaya Timur
|
Surabaya Barat
|
Daftar Pangajén Kota Surabaya[3]
Surabaya kaasup kota anu berhasil meunangkeun loba pisan pangajén, boh tingkat regional jeung nasional, boh tingkat internasional. Surabaya kungsi meunang pangajén Adipura salila 6 taun berturut-turut nyaéta ti taun 2006-2011. Aya 4 sakola di Surabaya ogé anu meunang pangajén Adiwiyata, nyaéta SDN Kandangan I, SDK Santa Maria, SDN Perak Barat jeung SMP N 16 Surabaya, sarta SDN Kandangan III anu berhasil meunangkeun pangajén Adiwiyata Mandiri. Salah sahiji warga Surabaya ogé kungsi meunang pangajén Kalpataru. Anjeuna nyaéta Dra. Lulut Sri Yuliani, MM. Taun 2008-2009, pamaréntah kota Surabaya ngalaksanakeun pambangunan 13 taman kota jang ngaalihfungsikeun lahan anu baheulana dipake SPBU. Taman-taman éta meunang pangajén ti Museum Rékor Indonesia minangka rékor pambangunan taman di aréa urut SPBU anu paling loba. Pangajén ieu diserahkeun basa milangkala kota Surabaya anu ka 715 (taun 2008).
Kota Surabaya kungsi meunang pangajén ICT Pura ti Kementerian Komunikasi dan Informatika taun 2011. Pangajén ieu dibérékeun ka kota anu pengelolaan TIK (téknologi informasi & komunikasi) na geus hadé. Anugerah Parahita Ekapraya (APE) diserahkeun ogé ka kota ieu taun 2008. Pangajén ieu dibérekeun ka Surabaya jang ngahargaan usaha pamaréntahna anu berhasil ningkatkeun kualitas istri dina sakabéh aspék kahirupan nepi ka istri téh bisa setara jeung pameget. Pangajén séjéna datang ti tingkat internasional di mana Surabaya berhasil meunangkeun ASEAN Environment Sustainable City minangka kota anu boga penataan lingkungan berkelanjutan terbaik dibandingkeun kota-kota gedé séjén di ASEAN. Di handap ieu daftar pangajén kota Surabaya anu séjén:
Taun | Pangajén |
---|---|
1982 |
|
1986 | Agakhan Award for Architecture |
1993 | Adipura |
1994 |
|
1995 |
|
1996 |
|
1997 |
|
2003 |
|
2004 | Penghargaan Wahana Tata Nugraha ( Tentang Tertib Lalu Lintas ) |
2006 | Adipura |
2007 |
|
2008 |
|
2009 |
|
2010 |
|
2011 |
|
2012 |
|
2013 |
|
2014 |
|
2015 |
|
2016 |
|
Tumbu Luar
Loka resmi[4]
Badan Administrasi Pemerintah dan Otonomi Daerah [5]
Surabaya Tourist Information Center[6]
Artikel ngeunaan Indonésia ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
- surabaya.go.id. "Geografi". www.surabaya.go.id. Diakses tanggal 2018-11-25. Archived 2018-10-17 di Wayback Machine
- Daerah, Bagian Administrasi Pemerintahan dan Otonomi. "Bagian Administrasi Pemerintahan dan Otonomi Daerah". Bagian Administrasi Pemerintahan dan Otonomi Daerah. Diakses tanggal 2018-11-25. Archived 2018-04-17 di Wayback Machine
- "Daftar Pangajen Kota Surabaya". Pemerintah Kota Surabaya. Diakses tanggal 26 November 2018. Archived 27 Séptémber 2018 di Wayback Machine
- surabaya.go.id. "Pemerintah Kota Surabaya". www.surabaya.go.id. Diakses tanggal 2018-11-25. Archived 2018-11-06 di Wayback Machine
- Daerah, Bagian Administrasi Pemerintahan dan Otonomi. "Bagian Administrasi Pemerintahan dan Otonomi Daerah". Bagian Administrasi Pemerintahan dan Otonomi Daerah. Diakses tanggal 2018-11-25. Archived 2018-11-09 di Wayback Machine
- "Surabaya Tourist Information Center". Sparkling Surabaya. Dinas Kebudayaan dan Pariwisata Kota Surabaya. Diakses tanggal 26 November 2018. Archived 25 Agustus 2021 di Wayback Machine