Kecap lemes pisan

Kecap lemes pisan (aksara Sunda baku: ᮊᮨᮎᮕ᮪ ᮜᮨᮙᮨᮞ᮪ ᮕᮤᮞᮔ᮪, palapalan basa Sunda: [kəcap ləməs pisan], ogé dipikawanoh minangka kecap luhur/luluhur nyaéta kosakecap basa Sunda anu dipaké pikeun ngaajénan mitra wicara/pihak katilu anu keur diomongkeun, anu mana kalungguhannana téh luhur pisan, contona baé para ménak kayaning Bupati, Raja samalah dipaké ogé pikeun nyaritakeun Gusti,[1][2] jinis kecap ieu leuwih prah dipaké pas keur jaman féodal.[1]

Daptar kecap-kecap lemes pisan anu nyampak dina buku tatabasa Sunda anu basana basa Walanda Soendaneesche Spraakkunst (1904) jieunan Sierk Coolsma

Kaayeunakeun, ieu kecap geus tara dipaké deui jeung biasana dianggap sarua baé siga kecap lemes anu biasa.

Dina sababaraha buku tatabasa Sunda anu nyatet ieu jinis kecap, kecap lemes pisan biasana ditandaan ku LP atawa lp.

Kosakecap

Ieu di handap mangrupa conto kecap lemes pisan (anu dikandelan) jeung sasaruaannana dina kecap loma jeung kecap lemes:[3]

Loma Lemes Lemes pisan
diuk calik linggih
datang sumping rawuh
ngaran jenengan kakasih
haté manah galih
kolot sepuh sepah
ngomong nyarios ngandika
surat serat tétésan

Tempo ogé

Rujukan

Catetan suku

  1. Ardiwinata 1984, pp. 2.
  2. Kats 1982, pp. 6.
  3. Coolsma 1985, pp. 14.

Daftar Pabukon

  • Coolsma, S. (1985) [1904]. Tata bahasa Sunda. Jakarta: Djambatan. OCLC 13986971.
  • Ardiwinata, D.K. (1984) [1916]. Tata Bahasa Sunda. Jakarta: Balai Pustaka. OCLC 559541903.
  • Kats, J; Soeriadiraja, M (1982) [1921]. Tata Bahasa dan Ungkapan Bahasa Sunda. Jakarta: Djambatan. OCLC 69116948.

Tutumbu kaluar

This article is issued from Wikipedia. The text is licensed under Creative Commons - Attribution - Sharealike. Additional terms may apply for the media files.