Karangan

Karangan nyaéta hiji wangun tulisan nu ngungkapkeun pikiran jeung perasaan panulis dina kasatuan téma anu utuh.[1] Karangan dihartikeun ogé ku hasil runtuyan pamikiran atawa ungkapan perasaan kana wangun tulisan anu teratur.[2] Sacara umum, Karangan ditempo salaku polah atawa kagiatan komunikatif antara panulis jeung pamaca dumasar téks nu geus dihasilkeun.[2]

Jinis Karangan

karangan dibagi kana jenis-jenis di handap ieu:[1]

Karangan narasi

Karangan narasi téh nyaéta hiji karangan nu nyaritakeun peristiwa atawa kajadian ku tujuan supaya nu maca saolah-olah ngalaman kajadian nu dicaritakeun.[1]

Karangan Deskripsi

Karangan deskripsi nyaéta karangan nu ngagambarkeun hiji obyék nu tujuana supaya nu maca ngarasa saolah-olah ninggali sorangan objek anu digambarkeun éta.[1]

Karangan Eksposisi

Karangan éksposisi nyaéta karangan anu ngajéntrékeun sajumlah pangaweruh atawa informasi jeung pangaweruh anu sajelas-jelasna.[1]

Karangan Arguméntasi

Karangan arguméntasi nyaéta karangan anu boga tujuan pikeun ngabuktikeun hiji bebeneran supaya nu maca yakin kana éta bebeneran.[rujukan?] Pikeun ngabuktikeun téh butuh data jeung fakta anu ngayakinkeun.[1]

Karangan Persuasi

Karangan persuasi nyaéta karangan anu boga tujuan pikeun mangaruhan nu maca.[rujukan?] Karangan ieu ogé butuh data salaku pangrojong.[1]

Reference

  1. (id)Pengertian Karangan diakses 10 Juli 2015
  2. Ahmadi, 1988. ''Ilmu sosial dasar''. Semarang: Rineka
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan.


This article is issued from Wikipedia. The text is licensed under Creative Commons - Attribution - Sharealike. Additional terms may apply for the media files.