Jalabria

Jalabria nyaéta kadaharan atawa opieun anu dijieun tina tipung ketan, rasana amis kareueut.[1] Jalabria sagigireun kadaharan jajanan ogé ilaharna jadi lalawuh anu disuguhkeun ka sémah jeung cai kopi atawa cai entéh, diwadahan kana piring.[2] Jalabria wujudna aya dua rupa, buleud molongo tengahna (kawas donat) jeung demprak kawas rarawuan.[2] Jalabrian dijieun tina bahan-bahan anu loba kapanggih kayaning: tipung béas ketan (hideung atawa bodas), cai hérang pikeun ngadonan, gula (bodas atawa beureum), uyah, minyak kalapa pikeun ngagoréng.[3]

Jalabria

Cara nyieuna ogé kawilang gampang: wadahan tipung ketan kana baskom, tuluy caian sacukupna bari digalokeun, purulukan uyah saperluna, galokeun deui nepika liket.[3] Mangasa geus liket adonan diemplé-emplé sakeupeul-sakeupeul, bisa dijieun kawas donat atawa kawas combro.[3] Adonan ketan tuluy digoreng, upama geus garing tuluy di asupkeun kana godogan cai gula bari digalokeun nepi ka garing.[4].

Dicutat tina

  1. A.A. Waskito (1993). "Jalabria". Di -. Kamus Praktis Bahasa Indonesia. Jakarta: WahyuMedia. p. 236. ISBN 9789797952174.
  2. Yetti Herayati, Nia Masnia, Titi Haryanti (1993). "Jalabria". Di Nia Masnia,Titi Haryanti. Makanan: Wujud, Variasi dan Fungsinya Serta Cara Penyajiannya Pada Orang Sunda di Jawa Barat. Jakarta: Direktorat Jenderal Kebudayaan. pp. 63–64.
  3. "Nyieun jalabrial". cookpad. 2016-08-27. Diakses tanggal 2017-10-20.
  4. Dibrata, R.A. Dana (2009). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. ISBN 9793631937.
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan.


This article is issued from Wikipedia. The text is licensed under Creative Commons - Attribution - Sharealike. Additional terms may apply for the media files.