Goong

Goong nyaéta salah sahiji waditra takol dina perangkat gamelan pélog, saléndro atawa degung[1].[2] Pungsi goong nyaéta minangka panutup nada[1]. Ngaran goong mangrupa hasil tina sora éta waditra sorangan, lamun ditakol sorana Gong[1]. Goong miboga bentuk nu panggedéna lamun dibandingkeun jeung waditra séjén saperti bonang jeung jeung long. Goong miboga sababaraha bentuk di antarana: goong gantung, goong buyung, goong tiup, goong bendé, jsté[3]

Goong Gantung

Bahan jeung Rancang Wangun

Goong gantung

Goong gantung miboga bentuk buleud, miboga penclon anu dijieun tina logam beusi atawa perunggu. Ukuran diamétérna 90–105 cm[1][3]. Penclonna miboga diamétér 7–10 cm[1][3]. Papasingan bagian goong di antarana: Raray goong nyaéta bagian sakuriling penclon; Manis raray nyaéta bagian sakuriling raray; taktak nyaéta bagian sakuriling manis raray; awak nyaéta awak goong anu ukuranna 8–12 cm; nu terahir nyaéta lalambé mangrupa bagian goong nu handap[1].

Goong Buyung

Goong buyung nyaéta goong anu dijieun tina perunggu atawa beusi, bentukna mangrupa wilahan anu dibagian tengahna miboga penclon[1]. Disebut goong buyung sotéh lantaran resonator/ gema sorana dijieun tina buyung atawa gentong wadah cai. Kaayeunakeun résonator goongna sok dijieun tina kai[1]. Di Daérah Karawang atawa Bekasi goong buyung disebut Goong Angkog[1].

Goong Tiup

Goong tiup nyaéta goong anu dijieun tina awi gombong, diaménkeun ku cara ditiup[1][3]. Pungsina bisa jadi goong gedé jeung goong leutik (kempul)[1]. Gedé-leutikna sora gumantung kana cara ngésér jeung ngatur panyocok nu aya dina awi[1].

Ragam Hias

Ilaharna goong gantung anu boga ragam hias mah[1]. Ragam Hiasna ogé ngan aya dina kakanco (paragi ngagantungkeun goong) wungkul, dianatarana: oray naga mangrupa simbul bujangga; Lauk mas mangrupa simbul kamakmuran; Kalamakara/Raksasa mangrupa simbul Katabahan jeung kakuatan pikeun nyingkahan sabangsaning iblis[1].

Cara Nabeuh

Hampir sakabéh jenis goong dimaénkeun ku cara ditabeuh maké panakol husus[1]. Ngan sok béda-béda posisi nakolna, misal goong gantung mah ditakol ka arah gigir, ari goong buyung mah ditakol ka arah handap kawas nakol jeung long[1]. Alat panakolna buleud, dibungkus ku kaén manglapis-lapis, dicekel ku leungeun katuhu, ditakolkeun ka penclonna[1]. Goong leutik (kempul) jeung goong buyung mah kudu diténgkép maenkeunana, ngarah sorana teu panjang teuing[1].

Referensi

  1. Kubarsah. R, Ubun.1994.Waditra : mengenal alat-alat kesenian daerah Jawa Barat.Bandung:Beringin Sakti
  2. Hermawan Hadliansah, Dadang. BAHAN AJAR Musik Nusantara II (Gamelan Degung). Tasikmalaya2019: EDU PUBLISHER. ISBN 9786239129255. Diakses tanggal 23 Nopember 2019.
  3. Rosidi, Ajip, Spk.2000.Énsiklopédi Sunda: Alam, manusia, dan budaya termasuk Budaya Cirebon dan Betawi.Jakarta:Pustaka Jaya.

Tutumbu Kaluar

Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan.


This article is issued from Wikipedia. The text is licensed under Creative Commons - Attribution - Sharealike. Additional terms may apply for the media files.