Cilok

Cilok atawa wancahan tina aci dicolok nyaéta kadaharan pituin wewengkon Sunda atawa Jawa Kulon.[1] Dijieunna tina tipung aci nu biasana ditambahan ngango bumbu kacang atawa kécap sangkan leuwih nikmat rasana. Bentukna buleud kawas baso, biasana leuwih leutik tibatan baso.[1] Ilaharna mah sok dieusian ku gajih atawa dadar endog nu dikeureutan laleutik.[1] Ieu kadaharan dipikaresep ku barudak jeung kolot.[1] Biasana nu ngajualna maké roda didodorong ngurilingan pakampungan atawa aya ogé nu matuh dina hiji tempat (jongko).[1]

Jaman kiwari, aya deui istilah cilok gaul, nyaéta cilok nu eusina rupa-rupa, saperti abon, sosis, gajih, urat, endog puyuh, jepret jsb.[1]

Cara nyieun

Pikeun nyieun cilok téh urang kudu nyiapkeun sababaraha bahan saperti aci jeung tarigu.[2] Nu tuluy digalokeun jeunng bungbu sejen, dibanjur ku cai ngagolak nepi ka bisa dibentuk.[2] Geus kitu mah kari eusian ku rupa-rupa saperti gajih, abon, sosis jsb.[2] Mun geus anggeus, tuluy cemplungkeun kanu cai nu geus meunang ngagolakkeun. [2]

Tinggali ogé

Rujukan

  1. Ramaloka Serang. Makanan Makanan Rakyat Khas Jawa Barat Diaksés Ping 6 Oktober 2017.
  2. Cookpad. Cilok saus kacang Diaksés ping 6 Oktober 2017.
This article is issued from Wikipedia. The text is licensed under Creative Commons - Attribution - Sharealike. Additional terms may apply for the media files.