Baladéwa

Baladéwa atawa Aladara nyaéta salah sahiji tokoh anu aya dina wiracarita Mahabarata[1][2]. Manéhna putra Prabu Basudéwa, Raja Mandura ti Déwi Mahérah[1][2]. Baladéwa katelah pinter maénkeun gada, Duryudana jeung Bima ogé jadi muridna[1]. Baladéwa boga kembaran nyaéta Krésna, ngan bédana ari Baladéwa mah kulitna bodas, ari krésna mah hideung[2]. Adina nu séjén ngaranna Déwi Subadra anu dipigarwa ku Arjuna[1][2].

Baladéwa
Baladéwa dina wanda wayang golék
Baladéwa dina wanda wayang golék
Déwanagari:बलराम
Éjahan Sansakerta:Balarāma
Ngaran séjén:Aladara, Balarama, Kakrasana
Asal:Karajaan Mandura
Papasangan:Déwi Érawati

Lalakon Hirup

Ti leuleutik, Baldéwa jeung adi-adina geus diungsikeun ka Widarakandang sabab meunang ancaman rék dipaténi ku Kangsa[2]. Di Wirakandang Maranéhna dirorok ku Demang Antyagopa jeung Nyai Sagopi[1][2]. Baladéwa jadi tukang ngawuluku di Wirakandang[1].

Keur rumajana Baladéwa katelah Kakrasana guguru ka salah saurang resi jelmaan Batara Brahma[2]. Sanggeus réngsé guguru manéhna dilélér pakarang perang di antarana: nenggala atawa lenggala, jeung alugora, gada anu boga dua ujung seukeut[1][2]. Lian ti éta Baladéwa ogé meunang élmu Aji Jaladara anu nyababkeun manéhna bisa hiber leuwih gancang batan batur[2].

Baladéwa nikah jeung Déwi Érawati, anakna Prabu Salya anu cikal ti karajaan Mandraka[1][2]. Ti éta garwa, Baladéwa boga dua anak lalaki nyaéta Radén Wisata jeung Wimuna[2]. Teu lila ti harita Baladéwa ngagantikeun Bapana, Prabu Basudéwa jadi raja di Mandura[1]. Dina Carios Kangsa Adu Jago, dicaritakeun yén Baladéwa babarengan jeung Krésna ngéléhkeun Kangsa[1]. Nalika Baratayuda lumangsung, Baladéwa teu ilubiung saeutik-eutik acan[1][2]. Sabab saacan Baratayuda dimulai, Krésna nitah Baladéwa tapa di curug Séwu[1][2]. Ieu hal dilaksanakeun ku sabab nyaahna krésna ka lanceukna, sangkan lanceukna henteu nelasan pati di Kurusetraref>[2]. Lian ti éta lamun Baladéwa ngiluan, pasti manéhna bakal mihak Kurawa, sedengkeun kasaktén Baladéwa mah hésé euweuh tandinganana ti pihak Pandawa mah[1].

Sanggeus Baratayuda réngsé, karek Baladéwa sadar yén manéhna geus ditipu ku adina[1][2]. Dina lalakon Jaya Pupuan dicaritakeun Baladéwa masih sempet ngawasitan tanding gada antara Duryudana jeung Bima[1]. Baladéwa maot nalika Astina diparéntah ku Parikesit, Baladéwa masih sempet ningali panobatan Parikesit[1][2].

Referensi

  1. Sopandi. Atik S. Kar.1991.Miwanoh Pandawa Lilima.Bandung:Mekar Rahayu (diaksés tanggal 17 Oktober 1992)
  2. Figur Wayang Archived 2011-03-17 di Wayback Machine (diaksés tanggal 17 Oktober 2011)
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan.


This article is issued from Wikipedia. The text is licensed under Creative Commons - Attribution - Sharealike. Additional terms may apply for the media files.