Bakiak

Bakiak atawa bangkiak sok disebut ogé terompa galuak (di Sumatra Barat mah) nyaéta sajenis sendal nu dadaparna dijieun tina kai nu hampang kalawan pangait suku nu dijieun tina ban urut nu dipakukeun di sisianna. Kasohor pisan ieu bakiak téh lantaran murah pisan utamana dina jaman keur werit. Ari nyieunna téa ngan kur nyiapkeun bahan kai jeung ban urut, tapina tahan cuaca, boh dina usum halod, boh dina usum ngijih.

Geta, bakiak Jepang
Bakiak tina peti pati Herishefhotep; Abusir, dinasti ka 9/10 Mesir

Diperkirakeun mah ieu bakiak téh kaideuan tina bakiak Jepang nu dijieun tina kai nu disebut géta.

Tempo ogé

Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan.


This article is issued from Wikipedia. The text is licensed under Creative Commons - Attribution - Sharealike. Additional terms may apply for the media files.