Awi konéng

Awi konéng (Bambusa vulgaris var. striata) mangrupi salah sahiji jinis awi piaraan/budidaya.[1] Awi konéng mibanda ciri taya lian buku;ruas, paranjang, sarta tangkalna konéng.[1] Ilaharna, awi ieu hirup di lingkungan tropis.[1] Di wewengkon Asia Tenggara, Jinis awi ieu loba dibudidayakeun.[1] Remen kapanggih hirup di padésaan, di sisi susukan, ogé mangrupa tatangkalan hias di kota-kota.[1]

Awi konéng
Awi konéng

Cara melakna

Awi konéng tiasa disebarkeun ku cara sték (rhizoma, rungkun, atawa tangkal), cangkok, sarta kultur jaringan.[2] Nanging, anu paling gampang sareng sering nyaéta motong rungkun atanapi tangkalna.[2] Sacara umum, rungkun anu bakal rintaheun nyaéta anu henteu ngora teuing atanapi kolot teuing.[2]

Ubar

Cai godogan tina ieu awi ngandung saponin sareng flavonoida.[2] Henteu ngan ukur éta, Awi konéng ieu ngandung sumber kalium rendah kalori, sareng ngagaduhan rasa anu amis dipikaterang salaku sumber protéin sareng nutrisi anu saé kanggo awak.[2] Awi ieu dipiboga pikeun ngubaran sagala rupa jinis inféksi sareng nyegah hépatitis.[2]

Dicutat tina

  1. (id)Andoko, Agus. 2008. Budidaya Bambu Rebung.Yogyakarta: Kanisius.
  2. (id)Sari, Wening, Lili Indrawati, dan Oei Gin Djing. 2008. Care Yourself Hepatitis. Jakarta: Penerbit Plus.
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan.


This article is issued from Wikipedia. The text is licensed under Creative Commons - Attribution - Sharealike. Additional terms may apply for the media files.