Araceae

Arum (kulawarga Araceae) nyaéta salah sahiji kulawarga tutuwuhan nu aya dina kelompok utama Angiospermae (Tutuwuhan kembangan).[1][2] Tutuwuhan Aracéae mangrupa Monokotil (Liliopsida), nu sabagian gedé anggotana mangrupa tutuwuhan tropis, sanajan aya pangecualian dina jack in the pulpit nu tumuwuh sacara lega di zona iklim sedeng.[3] Tutuwuhan Aracéae mangrupa tutuwuhan rhizomatous atawa hérba tuberous nu diwangun ku antara 110 marga jeung 1.800 spésiés.[4] Tutuwuhan ieu biasana miboga kalsium oksalat atawa raphides jeung umumna miboga susu geutah.[4] Wangun batang biasana galaredé, jeung miboga akar udara nu dagingan.[3] Daun sok dina wangun nu rupa-rupa jeung loba miboga lobus nu jalero.[3]

Araceae
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Arales
Kulawarga:
Araceae

Referensi

  1. (en)Araceae Archived 2016-01-18 di Wayback Machine (diakses 8 Maret 2016)
  2. (en)Araceae Classification (diakses 7 Maret 2016)
  3. (en)Family Araceae Archived 2016-04-01 di Wayback Machine (diakses 8 Maret 2016)
  4. (en)Araceae (diakses 8 Maret 2016)
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan.


This article is issued from Wikipedia. The text is licensed under Creative Commons - Attribution - Sharealike. Additional terms may apply for the media files.