Ajag

Ajag (Cuon alpinus) nyaéta anjing leuweung nu hirup di Asia, utamana wewengkon kidul jeung wétan.[1] Di wewengkon Asia séjénna sarta di Amérika jeung Éropa, anjing ieu disebut srigala.[1] Ajag mangrupa anjing asli Nusantara, aya di Pulo Sumatra jeung Jawa, cicing utamana di wewengkon pagunungan jeung leuweung. Anjing kampung jeung nu séjénna nu ilahar jadi ingon-ingon urang, sabenerna mah anjing impor nu asalna ti wewengkon séjén. Pangawakan ajag sedeng, warnana coklat semu beureum. Lebah handapeun gado, beuheung, nepi ka tungtung beuteung warnana bodas, sedengkeun bulu buntutna kandel semu hideung.[2]

Ajag
Status konservasi: Kaancam punah

Klasifikasi ilmiah
Karajaan:Animalia
Fila:Chordata
Kelas:Mammalia
Ordo:Carnivora
Kulawarga:Canidae
Marga:Cuon
Spésiés:C. alpinus
Ngaran binomial
Cuon alpinus
(Pallas, 1811)

Ajag biasana hirup ngagorombol/ngabubuhan lima nepi ka dua welas, tapi gumantung lingkunganana ogé. Misalna di Taman Nasional Gunung Leuser, ajag téh hirupna nyorangan.[2]


Dicutat tina

  1. Sastro Utomo, Sutrisno; - (2015). Kamus Indonésia - Jawa. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama. p. 24. ISBN 9786020314709.
  2. Becking, J.H; - (1989). Henri Jacob Victor Sody (1892-1959): His Life and Work : a Biographical and Bibliographical Study. Jakarta: Brill Archive. p. 150. ISBN 9789004086876.
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan.


This article is issued from Wikipedia. The text is licensed under Creative Commons - Attribution - Sharealike. Additional terms may apply for the media files.