Acar
Acar nyaéta deungeun sangu tina keueuman bawang beureum, bonténg, céngék, tomat jeung sajabana dina cai cuka.[1] Acar ogé mangrupa hiji cara pikeun ngawétkeun sayuran ngagunakeun cuka atawa cai uyah, kawas sambel, acar disadiakeun pikeun ngalengkepan dahareun utama.[2]
Cara nyieun
- Teukteukan Lobak, wortel, jeung bonténg (kumaha pangaresep)
- Asupkeun kabéh bahan di luhur kana wadah atawa kantong plastik
- Purulukan uyah jeung gula saperluna
- Tambahkeun cuka saséndok, tuluy digalokeun
- Tunda ieu adona acar sapeuting, isukna kakara bisa dikonsumsi.
- Acar Thailand
- Acar Singapura
- Acar Kadongdong (Bangka)
- Acar Sate
- Sambel acar
Dicutat tina
- Danadibrata, R.A (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. p. 3. ISBN 9793631937. Diakses tanggal (disungsi) 19 Des 2020.
- Heru, Susanto (2016). Cara Hemat Bulanan Hingga 30%. Jakarta: Elex Media Komputindo. p. 271. ISBN 9786020289342. Diakses tanggal (disungsi – 20 Des 2020).
- Teja kusuma, Ny, Prudianty (2016). 525 Kumpulan Resep Mak Nyusss!. Yogyakarta: Media Pressindo. p. 123. ISBN 9789797880958. Diakses tanggal (disungsi – 20 Des 2020).
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
This article is issued from Wikipedia. The text is licensed under Creative Commons - Attribution - Sharealike. Additional terms may apply for the media files.